Silahkan Di Baca Yang Anda Cari , Inilah Contoh Berita dalam bahasa Sunda, Simak dengan seksama.
Puluhan murid sakola SDN Unsilster Desa Unsilster Kecamatan Purbaratu Kabupaten Tasikmalaya, nu dina tanggal 20 April 2010 keuna ku gempa. Masih keneh diajar di tenda darurat. Maranehna teu bisa balik deui ka sakola asal. Ku sabab sieun gempa deui.
Puluhan murid sakola SDN Unsilster Desa Unsilster Kecamatan Purbaratu Kabupaten Tasikmalaya, nu dina tanggal 20 April 2010 keuna ku gempa. Masih keneh diajar di tenda darurat. Maranehna teu bisa balik deui ka sakola asal. Ku sabab sieun gempa deui.
Pupuhu lembur didinya ngabewarakeun
musibah Kecamatan Purbaratu Kabupaten Tasikmalaya, agung cahya
netelakeun aya dua ratus opat puluh dua budak Sakola Dasar nepi ka
sakola menengah pertama anu jadi korban gempa. Opat puluh genep urang
diantarana nyaeta murid SDN Unsilster anu sakolana deukeut jeung tempat
gempa. Maranehna ayena di ajar di tenda darurat. Khusus pikeun kelas
genep anu minggu ieu bakal nyanghareupan Ujian Nasional, ti saprak dua
minggu katukang maranehna cicing jeung diajar di imah kapala sakola SDN
Unsilster.
Murid kelas opat SDN Unsilster anu
jumlahna tilu belas orang eta ngahaja ditempatkeun didinya, sangkan bisa
meunang bingbingan diajar nu enya-enya. Samemeh ujian nasional murid
utamana dibekelan pangajaran tambahan pikeun pangajaran bahasa
Indonesia, bahasa Inggris, IPA, IPS, jeung Pkn. Unggal poe senen opat
puluh genep murid anu diajar ditenda meunang bingbingan ti guru husus
anu didatangkeun ti dinas pendidikan Kabupaten Tasikmalaya.
Sri Nurhayati, murid kelas opat SDN
Unsilster anu diajar di SDN Cibubur, ngebrahkeun yen manehanana kurang
ngeunah di sakola nu anyar. Sabab kudu ngabiasakeun deui hirup jeung
murid atawa guru sarta lingkungan anu anyar. Kabehanana ayeuna aya
saratus dalapan puluh tujuh murid SD jeung opat puluh murid SMP korban
gempa anu geus dititipkeun ka sakola-sakola anu deukeut.
Pamiarsa, mung sakitu nu kapihatur,
Wilujeung patepang deui dina warta nu bakal dongkap. Amit mundur….. Amit
mungkur..Wasalamu’alaikum Wr.Wb
Tidak ada komentar:
Posting Komentar